Jumat, 14 Februari 2014

Lirik Lagu Doel Sumbang - Dijajah


can leungit rasa nyerina
sesa dijajah baheula ku si jangkung
si walana 3 satengah abad lilana, cenah

tuluy katambahan perih
dikekesek dirarajet ku
si penek nya si jepang
3 satengah taun lilana

teu lila saprak merdeka
kanyeri kasambung deui
dijajah kunu sabangsa
puluhan taun, lilana

tak harap bebas tidinya
ayeuna urang sakabeh
dijajah diri sorangan
dijieun jaradi brudreg
dijeun jadi anarkis
gampang ngambek jeung ngarusak
resep parasea jeung dulur
teudihandap, teudiluhur

nu maok hayam dibeleum
nu maok motor dibeleum
tukang copet, tukang jambret
nyawana leungit disabet
ari bangsat anu gede adem ayem hare hare
wareg dahar tibra sare, diarantepkeun pepede

salah embung ngaku salah
ku hukum embung dihukum
ucing bangsa pinter nyumput
duka nyumputna dimana
nu nyumput di belah kaler
nu neangan breng ka belah kidul
nu nyumput lumpat ka wetan
nu neangan breng ka kulon
disebut ucing-ucingan ngan
da ieumah ucing enyaan.
disebut bobodoran
da henteu pikaserien


ari bangsat anu gede adem ayem hare hare
wareg dahar tibra sare, diarantepkeun pepede
salah embung ngaku salah
ku hukum embung dihukum
ucing garong pinter nyumput
duka nyumputna dibelahmana
nu nyumput di belah kaler
nu neangan bring ka belah kidul
nu nyumput lumpat ka wetan
nu neangan breng ka kulon
disebut ucing-ucingn gan
da ieumah ucing enyaan.
disebut bobodoran
da henteu pikaserien


nu nyumput di belah kaler
nu neangan bring ka belah kidul
nu nyumput lumpat ka wetan
nu neangan breng ka kulon
disebut ucing-ucing ngan
da ieumah ucing enyaan.
disebut bobodoran
da henteu pikaserien


Artikel Terkait

Lirik Lagu Doel Sumbang - Dijajah
4/ 5
Oleh

Berlangganan

Suka dengan artikel di atas? Silakan berlangganan gratis via email